Thursday 27 June 2013

Dongeng jeung carpon

Unsur-unsur carita dongéng
  1. Téma, tema nya éta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
  2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
  3. Tokoh carita atawa palaku nya éta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
  4. Latar (setting), nya éta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
  5. Amanat, nya éta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.
Ciri-ciri Dongéng
  1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nya éta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
  2. Aya bagian anu pamohalan.
  3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
  4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
  5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
  6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
  7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
  8. Pola ngadongéng sok angger, sanajan 

Ciri – Ciri Carita Pondok

  • Bisa rengse dibaca dina sakali mangsa
  • Alurna teu kompleks, museur kana hiji kajdian
  • Mere kesan lir enya-enya kajadian
Unsur Instrinsik Carita Pondok

·         Palaku
·         Amanat
·         Tema
·         Latar
·         Galur

Unsur Ekstrinsik Carita Pondok

·         Nilai-nilai dalam Carita Pondok
·         Latar Belakang Kahirupan Pengarang
·         Situasi Sosial

Teknik Nulis Carita Pondok

  1. Tema
  2. Bahan carita
  3. Alur
  4. Tokoh
  5. Dialog
  6. Sudut pandang
  7. Prak-prakan
 Link Download Disini






No comments:

Post a Comment