Wednesday 9 October 2013

Rarakitan nu sifatna piwuruk, silih asih, sesebred

Rarakitan yang bersifat piwuruk
1.      Lamun hayang dahar noga
Kudu daek nya Meulina
Lamun hayang asup surga
Kudu geto nya solatna
2.      Lamun urang ka Cikolé,
Moal hésé tumpak kahar.
Lamun urang boga gawé,
Moal hésé barang dahar.
3.      Ti batan mawa pedang,
Mending gé mawa ragaji.
Ti batan ulin bagadang,
Mending gé diajar ngaji.
4.      meuli wajit jeung jawadah
kapaké hajat kiparat
masing rajin nya ibadah
kapaké dunya akhérat

Rarakitan yang bersifat silih asih
1.      Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal welwh diakalan
2.      Batur mah dibaju hideung,
kuring mah kabaya bae.
Batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara bae.
3.      Tambah kesel main kartu
Maturan anu keur piket
Digawe sing tepat waktu
Ulah ngulur jiga karet
4.      Kamana nya nyiar paying
Sakieu pana poéna
Kamana nya nyiar duyung
Sakieu panas haténa
5.      Mihapé sisir jeung minyak,
Kadé kaanloman leungeun,
Mihapé pikir jeung niat,
Kadé kaangsonan dengeun.
6.      Daék sotéh ka Cikonéng,
Ka Cisitu mah teu purun.
Daék sotéh ka Nyi Onéng,
Ka nu itu mah teu purun.
7.      Sapanjang jalan Soréang,
Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
Moal weléh diakalan. 
8.      Hayang teuing buah hiris,
Teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana.
9.      Batur mah ka Margacinta,
Kuring mah ka Nagrak baè.
Batur mah dipikacinta,
Kuring mah ditolak baè.
10.   Mun teu tulus ka paseukna
Ka pancirna ogé hadé
Mun teu tulus ka lanceukna
Ka adina ogé hadé
11.   Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun
12.   sugan teh kaliki dangdeur
boro abdi gancang ngadek
sugan teh lalaki bager
boro abdi gancang daek 
13.   lamun maneh boga keris
sok paehan lauk hiu
lamun maneh bisa basa inggris
sok naon artina I LOVE YOU
14.  méméh ngagelarkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
méméh ngomongkeun ka batur
tilik heula awak manéh

Rarakitan yang bersifat sesebred (banyol)
1.      Aya budak mawa casan
Ngan hanyakal teu dibeli
Aya budak gelis pisan
Ngan hanyakal tara mandi
2.      Rarasaan ngala mayang,
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
Teu nyaho cakeutreuk hideung.
3.      Aya listrik di masigit,
Hanjakal moncor ka kolong.
Aya istri jangkung alit,
Hanjakal tonggongna bolong.
4.      majar téh cau lampénéng
cau kepok dina nyiru
majarkeun téh lengkéh koneng
gening nya dekok nya gembru

5.      rarasaan melak cau
teu nyaho mun melak cabé
rarasaan asa lucu
teu nyaho mun matak réhé

No comments:

Post a Comment