Wednesday 9 October 2013

Paparikan anu sifatna piwuruk, silih asih, sesebred

Paparikan nu sipatna piwuruk
1.      Meuli kurupuk sadacin
diwadahan kana kalo
Nu dipupuk ku prihatin
eta diasih ku Alloh
2.      Hayang pisan gera dahar
Ngan taya rencang sanguna
Hayang jadi jelma benghar
Kudu getol usahana
3.      Ulah madep mayun pager dina gelas
Nyandak botol nyandak bola kikinciran
Lamun hidep hayang pinter naék kelas
Kudu getol ka sakola kapikiran
4.      Barangbang dahan kalapa
malang dina jalan suni
Sanajan nu indung bapa
omat ulah wani-wani
5.      Hayam jago eukeur béla
dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
sangkan beunghar ku pangarti
6.      Kanikir siki kanikir
cangkudu beunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba élmu
7.      Hayang pisan geura dahar,
Ngan taya réncang sanguna.
Hayang pisan jadi beunghar,
Ngan kudu getol usahana.
8.      Aya manuk dina pager,
Na sukuna aya bola.
Lamun urang hayang pinter,
Kudu getol ka sakola.
9.      Mèmèh ngagelarkeun kasur,
Samak heula ambeh rinèh.
Mèmèh ngagorèngkeun batur,
Riksa heula awak manèh.
10.  ninyuh ubar ku cipati
diwadahan piring gelas
anu sabar éta pasti
ku Allah dipikawelas
11.  papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
mun bisa miara létah
mokaha salamet diri
12.  Meuli piring di Mang Ohan
Mayarna make duit rebuan
Mun Silaing keur bobogohan
Eta leungun ulah kakarayapan
13.  di keubon aya nu mancing
urangna teu acan di acukan
lamun urang eukeur geuring
geura – geura di ubaran
14.  Aya mobil warna silver
Mobilna keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare
15.  kaleuweung bade melak tomat
disarengngan ku sobat
eweuh obat nu mujarab
iwal ti solat

Paparikan nu sipatna sesebred (banyol)
1.      Poe Saptu poe Kemis
Salasa beuleut-beuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna eundeuk-eundeukan
2.      Piring katuruban sendok,
ngawadahan rujak huni.
Kuring ge baheula denok,
Ayeuna mah nini-nini
3.      Saha eta nu keur calik
Meni jiga kabuhulan
Saha eta anu belik
Jadi hayang ngahereyan
4.      Itu gunung ieu gunung,
Diadukeun pakbeledug.
Itu pundung ieu pundung,
Marebutkeun mojang budug.
5.      Poé Saptu poé Kemis,
Poé Kemis jeung Jumaah.
Itu saha muril kumis,
Kumisna panjang sabeulah.
6.      Daun hiris dibeungkeutan,
Dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
Hayangen dibéré duit.
7.      jeruk purut Cikaruncang
jambu aér Wanayasa
camerut hayang ka bujang
susu laér teu karasa
8.      cau kepok keur rumégang
dieunteupan bondol héjo
keur dekok katambah égang
ditambahan olol lého
9.      Pucuk tiwu akar bangban
Amis mata disusukan
Mun rek milu geura dangdan
Cimata geura susutan
10.  Tat tit tut daun sampeu
saha nu hitut saha nu ngambeu
dibawa ka saung butut
datang-datang pakdurudut
11.  Jalan-jalan ka cianjur
nijek batu ngajelegur
hanas kuring meuli bajigur
diambuan bau bujur
12.  Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok
13.  Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai ngeclak ninggang momo*
laun-laun jadi orok
14.  Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana
15.  Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh
16.  ka bandung tuluy k bogor
ka cianjur meli bonteng
ka siksa boga kabogoh
sungutna bau sepiteng
17.  Meuli jagong keur japati
Eta jagong di awurkeun
Eta beungeut jiga peti
Anu erek di kuburkeun
18.  anu matak anu mawi
hulu botak ka tinggang awi
tataksiran-tataksiran
hulubotak di sisiran
19.  bi mumun meuli neon
meulina di kota kembang
eh maneh eta beungeut atawa naon
mani siga si koneng ngambang

Paparikan nu sipatna silih asih
1.      Pucuk tiwu akar bangban
Amis mata di susukan
Mun rek milu geuwat dangdan
Cimata geura susutan
2.      Daun pulus dilulunan,
jojodog ti Tarikolot.
Sugan tulus lalaunan,
aya jodo pakokolot.
3.      Eta buah dina tampah
Kejo wadah na boboko
Eta lain pusingna ku masalah
Katenjo hayang boga toko
4.      Pucuk kawung di Galungung
Pucuk kalapa di pentos
Saha nu di tiung sarung
Pantes diraksukan bodas
5.      Leuleupeutan leuleumeungan,
ngarah kékéjoanana.
Deudeukeutan reureujeungan,
ngarah téténjoanana.
6.      Cau ambon dikorangan,
Kanyéré ka pipir-pipir.
Lalaki ambon sorangan,
Awéwé teu mikir-mikir.
7.      Samping hideung dina bilik,
Kumaha nuhurkeunana.
Abdi mineung ka nu balik,
Kumaha nuturkeunana.
8.      ngala saga sisi huma
disamberan ku waliwis
tiis raga tiis sukma
lantaran jadi ka nu geulis
9.      Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan
10.   Lampuyang nu cocongoan
Bawaeun ka rajagaluh
Ku hayang nya sosonoan
Isukmah urang pajauh
11.  Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang
12.  meni hayang buah muris
menangna kalah yuyu
ibu lilis mani geulis
abdi nyebatkeun i love u
13.  malati kembang malati
dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka buah batu..



No comments:

Post a Comment