|
Abdi mah
caruluk Arab
henteu tarima téh teuing =>korma |
Warisan
sekin pusaka
haturan nyai pribadi =>badi |
|
Abdi téh
sok ngembang kawung
inggis teu ngareunah teuing =>pengis |
Abdi ti
ménak ka somah
gamparan mah ieu aing =>umaing |
|
Ajag désa
basa Jawa
lesuna teu aya tanding =>asu |
Ajag
lembur Indramayu
naha bet kalangsu teuing =>asu |
|
Ajag
lembur lamun engkang
énjing henteu wangsul deui =>anjing |
Alun-alun
paleuweungan
gagal temen mun teu jadi =>tegal |
|
Anak
beurit dina katung
kapan endén mundut encit =>buncit |
Anak
munding masih nyusu
aduh endén buah ati =>énéng |
|
Angeun
somah pakampungan
kajeun bedo ti kamari =>bodo |
Anu siram
kokojayan
abdi pamoyokan badis =>ngoyok |
|
Areuy
leuweung mérang daun
ulah sok japilus galih =>pulus |
Aringgis
sok nyatang bolang
kapongpongan siang wengi =>lompong |
|
Asal hiji
jadi dua
temah matak sesah ati =>walimah |
Awi ngora
téh jaradi
temah matak jadi liwung =>iwung |
|
Aya mesin
bisa ngapung
kapidara diri abdi =>kapal udara |
Aya nu
dianjang cai
aya nu dihéroan =>séro |
|
Ayeuna gé
sérah tegal
engkang mah sok matak peurih =>eurih |
Baku sok
ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri =>areng |
|
Balandongan
ngujur jalan
sok hayang geura los indit =>elos |
Balé
diréka masjid
nya pikir bati rumajug =>tajug |
|
Bangkong
lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak =>bayawak |
Bango héjo
hérang jangjang
piraku engkang ka abdi =>merak |
|
Bango
leutik bodas hulu
mo samar ka diri abdi =>camar |
Baréto gé
batur pirus
juragan geuning pelekik =>akik |
|
Batuk
eungap hésé damang
saé sumping baé wengi =>mengi |
Béas
ditutuan deui
iraha atuh patepung =>tipung |
|
Bedil
langit handaruan
engkang sapertos kalinglap =>gelap |
Bedog
urang Darmaraja
kawantu abdi mah miskin =>sekin |
|
Bedug
wedalan Eropah
abdi teu asa dipuji =>tanji |
Belut
sisit saba darat
kapiraray siang wengi =>oray |
|
Bendi
panjang roda opat
ulah kalah ka Carita =>kareta |
Béntang
baranang di imah
samar bisa tepung deui =>darma |
|
Beulit
cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi =>ali |
Beunying
leutik sisi cai
ari ras sok cimataan =>amismata |
|
Beusi
bodas cingcin kecrik
cumah baé dipicinta =>timah |
Biasa
ngadodol gula
abdi henteu dipaduli =>gulali |
|
Bibika
tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti =>roti |
Buah
kawung raranggeuyang
curuluk cisoca bijil =>caruluk |
|
Bulu panon
wates taar
itu nyai mani geulis =>halis |
Cacangkir
bahana beling
masing welas lahir batin =>gelas |
|
Cakcak
gedé kadal bilik
ulah dipaké mokaha =>toké |
Careuh
beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti =>lasun |
|
Cariang
beureum beutina
nya pikir bati arewuh => |
Catetan
bulan jeung taun
juragan ménak utami =>almenak |
|
Cau gedé
ngan sasikat
taya teuing bagja diri =>(cau) bagja |
Cék lémék
Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih =>enggih |
|
Cikur
jangkung pamuraan
kapalay siang jeung wengi =>panglay |
Cisusu
kentel dimasak
ulah téga-téga teuing =>mantéga |
|
Cucuk basa
Malayuna
duriat henteu laksana =>duri |
Dadampar
di pagulingan
alim ka nu kirang surti =>kasur |
|
Dagangan
pangrapet surat
mun kitu abdi mah alim =>lém |
Daun kasap
kosok méja
tobat ulah nolas teuing =>hampelas |
|
Daun tuhur
na tangkalna
sok rus-ras ka nu teu aya =>kararas |
Désémber
tangtu ditéma
geulisna lir widadari =>Januari |
|
Deukeut-deukeut
anak taleus
nyangkéwok teu kanyahoan =>téwok |
Di
Cikajang aya gunung
asa paturay jasmani =>Cikuray |
|
Dodol gula
digolongan
nu hina kaluli-luli =>gulali |
Dudukuy
panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung =>payung |
|
Dukun
tukang ngemat héwan
abdi mah ku alim teuing =>malim |
Ékék
lembut pupuntiran
tingsérédét kana ati =>cécéndét |
|
Enggeus ka
palupuh nangtung
ayeuna geus kapimilik =>balik |
Engkang
téh ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai =>ager |
|
Gagang
caruluk karadak
pantes mun rék dinyenyeri =>langari |
Gamparan
mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih =>gigih |
|
Gedang
atah keur lumayung
engkang mah jelema ginding =>gumading |
Gedong
luhur panénjoan
narah keur saheulaanan =>munara |
|
Gedong
ngambang di sagara
kapalang geus béla pati =>kapal (cai) |
Gedong
ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla. =>kapal (cai) |
|
Gedong
tempat nu titirah
ulah sok reueus binangkit =>rumah sakit |
Hayam
cempa lalayaran
matak teuing nyeri ati =>meri |
|
Hayam
sawah dipiara
abong kanu apes diri =>meri |
Hayam
tukung saba gunung
uyuhan teuing nya diri =>puyuh |
|
Hiris
ngora deungeun sangu
abdi mah kapok téh teuing =>kapokan |
Hui bulu
réa akar
bongan sok rayungan teuing =>kamayung |
|
Imah
leutik tempat ngaji
teu asa ngalanggar cegah =>langgar |
Imah
ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela =>kapal (cai) |
|
Indung
kuar hama sirah
nu kitu ulah digugu =>kutu |
Insuting
ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi =>kararas |
|
Isuk basa
Malayuna
tangtos abdi rék sayagi =>pagi |
Jagong
tuhur beunang ngunun
dunungan bagéa sumping =>emping |
|
Jalaran
bibit kalapa
isin da abdi mah santri =>kitri |
Jampana
bugang dadakan
panasaran diri kuring =>pasaran |
|
Jati
leutik jagong ngora
dodolog kirang utami =>semi |
Jawadah
tutung biritna
sacarana-sacarana =>cara |
|
Jukut
jangkung pipir gunung
haté abdi panas peurih =>eurih |
Kacang
jangkung leutik daun
engkang mah satria raris =>hiris |
|
Kacang
panjang disayuran
bati ngageremet ati =>gemet |
Kacang
panjang gagabengan
sakieu darajat kuring =>jaat |
|
Kadal gedé
saba darat
pareng alus bagja awak =>bayawak |
Kadeuleu
langir caina
kayap-keyep anu geulis =>keuyeup |
|
Kalapa
bakalan minyak
nu ampuh titis raspati =>cipati |
Kalong
leutik saba gedang
sumedot rasaning ati =>cocodot |
|
Kararas
daun kalapa
teu aya nu ngabangbrangkeun =>barangbang |
Kasintu di
sisi situ
nu hayang kawanti-wanti => |
|
Kauntun
tipung katambang béas
laksana meunang ijasah =>laksa |
Kebon paré
dicaian
siwah niat jalir jangji =>sawah |
|
Kembang
biru di astana
abot pisah jeung kakasih =>salasih |
Kembang
bodas buah bunder
ngaheruk nya pipikiran =>jeruk |
|
Kembang
jambé kara beukah
kumayangyang pikir abdi =>mayang |
Kendang
gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati =>bedug |
|
Kertas
kabur kaanginan
kumalayang pipikiran =>langlayangan |
Ketuk
leutik panayagan
ka abdi mah ningnang teuing =>bonang |
|
Keuyeup
gedé saba laut
teu hadé liar ti peuting =>kapiting |
Koja awi
dihuaan
sageuy lamun teu kasorang =>korang |
|
Kokotor
saluar awak
da sanés rek hiri dengki =>daki |
Kota
kuloneun Lampegan
purah-purah tunggu bumi => |
|
Kulit
teuas tungtung ramo
baku osok nganyenyeri =>kuku |
Kuring mah
kabedil langit
da puguh matak kalinglap =>gelap |
|
Kuring téh
kamenyan konéng
rumaos kawiwirangan => |
Kutu baju
kuar sinjang
moal weléh tumarima =>tuma |
|
Lahang
abri dibotolan
ningal anu suka galih =>cuka |
Laleur
hideung panyeureudan
ngilari sakolong langit =>reungit |
|
Lampu
leutik tengah imah
abdi samar méré idin =>damar |
Lamun
kapalupuh nangtung
lamun jadi kapimilik =>bilik |
|
Lancah cai
di walungan
engkang teu émut ka abdi =>engkang-engkang |
Langgir
cai leumpang ngijing
kadeuleu kayap-keyepna =>keuyeup |
|
Lauk
panjang dina parung
ari émut merod pikir =>berod |
Lauk
rebing saba laut
karikari jalir jangji =>pari |
|
Manuk
apung saba eurih
haté asa didudutan =>dudut |
Manuk
hawuk beureum suku
katingal keur imut leutik =>galatik |
|
Manuk
lindeuk di buruan
kuring bati panas ati =>japati |
Manuk
lisung anu jalu
dagoan di pasampangan =>jago |
|
Manuk
renggé saba ulam
hayang tepi ka ngajadi =>caladi |
Manuk
tukung saba gunung
uyuhan daék ka abdi =>puyuh |
|
Maung
tutul saba kasur
diri teu ngareunah cicing =>ucing |
Méga
beureum surupna geus burit
ngalanglayun panas pipikiran =>layung |
|
Melak
bangsal di kotakan
wayahna dék sabar diri =>nebar |
Mencek
leutik saba alas
abdi daék ngaréncangan =>peucang |
|
Meri
pendék ngojay hayam
henteu négtog pikir abdi =>éntog |
Monyét
hideung sisi leuweung
susah nu taya tungtungna =>lutung |
|
Mun inget
mangsi Malayu
anjeun téh cinta ka kuring =>tinta |
Mun jagan
kadadar tipung
upami kagungan rabi =>surabi |
|
Nganyam
bola jadi lawon
peupeujeuh kudu sing junun =>ninun |
Nu dahar
taya sésana
ngan asa dipoyok badis =>ledis |
|
Nu gering
geus rampus dahar
kuring mah mo payu deui =>mamayu |
Nu nutu
miceun huutna
Mun awon moal ditampi =>napi |
|
Nya buah
ngacung ka luhur
kuring mah sok panas ati =>ganas |
Nya hujan
taya eureuna
abdi mah kalangkung ajrih =>ngijih |
|
Nyeupan sangu
tacan timus
teu sanggup manggihan deui =>gigih |
Nyiar paré
tutukeuran
teu pantes hayang ka abdi =>nguyang |
|
Nyiru gedé
wadah bangsal
anjeun mah nsok sindir sampir =>tampir |
Nyiruan
genténg cangkéngna
masing mindeng pulang anting =>papanting |
|
Pangcalikan
tonggong kuda
kudu satia buméla =>sela |
Paparem
ngawurah ketan
mokaha atuh da wargi =>ragi |
|
Paribasa
petis Cina
hayang nepi ka cacapna =>kécap |
Péso
pangot ninggang lontar
acan katuliskeun diri =>nulis |
|
Péso patok
kewung tungtung
hayang kapiajang teuing =>rejang |
Péso raut
Cibarusa
sugan welas ka nu miskin =>sekin |
|
Pileuleuyan
kebo gunung
ngadadak tineung nya pikir =>badak |
Piunjuk
duméh rék wangsul
sanés abdi rék cilimit =>pamit |
|
Puguh mah
ubar muriang
nu hina leuwih ti misti =>Kina |
Puter
putih saba lembur
kuring seja béla pati =>japati |
|
Ranté
ngait kana baju
Memang geus cumantél ati =>cantél |
Salendro
di papanggungan
ngomong kalepasan teuing =>koromong |
|
Sanggal
hideung saba ranca
témbong léléwa nu manis =>lélé |
Sangrayan
peupeus meueusan
ulah jadi rengat galih =>rengat |
|
Santri
miskin geus maréman
tangtu tiis pikir abdi =>pikir |
Sapikul
katian Cina
malah kumplit sareng cingcin =>dacin |
|
Séndok
batok digagangan
geus lawas abdi ngalayung =>gayung |
Séréh
leuweung turub saung
haté abdi panas peurih =>eurih |
|
Situ bendung
di Citarum
gulang-guling ngan sorangan =>Saguling |
Sok rajeun
ngabuah kawung
curuluk cisoca bijil =>curuluk |
|
Tegal
tengah nagara
laun-laun sugan hasil =>alun-alun |
Tepi ka
kélor héjona
tepi ka antukna =>katuk |
|
Teu
beunang dihurang sawah
teu beunang dipikameumeut =>simeut |
Teu
beunang diopak kembung
teu beunang dientong-entong =>kolontong |
|
Teu
beunang dipiring leutik
teu beunang dipikaisin =>pisin |
Teu
beunang dirangkong kolong
teu beunang dipikahayang =>hayam |
|
Teu
beunang disihung tipung
teu beunang dipapagonan =>sasagon |
Teu
beunang disitu lembur
teu beunang diulah-ulah =>kulah |
|
Teu
beunang disupa dulang
teu beunang dibébénjokeun =>kéjo |
Teu
beunang ditihang pondok
teu beunang dideudeuleukeun =>deudeul |
|
Teu
beunang ditiwu leuweung
teu beunang dipikasono =>kaso |
Teu
beunang diwaru leuweung
teu beunang diboro-boro =>bisoro |
|
Teu puguh
monyét hideungna
teu puguh tungtungna =>lutung |
Ulah sok
kapiring leutik
ulah sok kaisinan =>pisin |
|
Wadah
minyak tina beling
jadi budak kudu getol =>botol |
Walanda
hideung soldadu
umambon engkang ka nyai =>(urang) Ambon |
hello^(˘⌣˘)ε˘`) My name is kiana ƪ(♥ε♥)ʃ TTL : 23 december 1996 . Welcome to my blog ^^ semoga bisa membantu
Wednesday, 9 October 2013
Wawangsalan
Labels:
Pengetahuan
Subscribe to:
Post Comments (Atom)

No comments:
Post a Comment