Soal.
Tengetan wacana ieu di handap! (kanggo
nomer 1 dugi ka 4)
Hadirin
nu sami lenggah,paragirang pangajen nu ku Sim Kuring dipikahormat. Kantenan seueur keneh nu
hoyong didugiken. Namung, lian ti kawetasan ku waktos, inggis tambih lami, kalah tambih ngacapruk teu puguh.
Ku
margi kitu, minangka panutup catur, bobo sapanon carang sapakan, tawakupanu
kasuhun, sareng mugi-mugi aya mangpaatna. Amin !
1. Biantara
di luhur kaasup kana bagian?
a. salam
pamuka c. eusi e. salam panutup
b. bubuka d. panutup
2. Panutup
catur, bobo sapanon carang sapakan, tawakup
anu kasuhun, sareng mugi-mugi aya mangpaatna. Amin! Kecap tawakup dina kalimah di luhur saharti jeung………
a. menta
di hampura c. ngawilujeungkeun e. ngajelaskeun
b. ngahaturkeun
nuhun d. nyindeken
3. Dina
wacana di luhur aya kecap rundayan nu make rarangken hareup wungkul, nyaeta………
a. dipikahormat
c. didugikeun e. minangka
b. kasuhun d. kawatesan
4. Kumargi
kitu, minangka panutup catur, bobo sapanon carang sapakan, tawakup anu kasuhun,
sareng mugi-mugi aya mangpaatna. Amin! Kecap mugi-mugi dina kalimah di luhur
kaasup kecap rajekan………
a. dwilingga c. dwimurni e. trilingga
b. dwipurwa d. dwireka
5. Bacasempalan
karangan pangalaman ieu di handap!
Nu
sok diobor teh bangkong, simeut, jeung belut. Puguh bae aya bedanangoborsato nu
tilu teh. Ngobor Bangkong mah biasana mun sawah geus rengse di pacul, atawa
pare geus dirambet. Sabab dina kaayaan kitu Bangkong sok laliarna teh.
Ari
paksaan cukup dua rupa, obor jeung wadah. Kadieukeunana nu ngobor teh sok aya
nu make patromak. Ngarah leuwih caang ti dituna mah, ngan kudu aya batur anu
mawana.
Wadah
nu hade pikeun ngawadahan Bangkong teh nyaeta kembu. Biasana dijieuna tina awi atawa hoe. Sok di
pake ku nu nguseup di laut ge. Dipake ngawadahan hurang keur eupan.
Ditilik
tina wangunna, wacana di luhur kaasup kana karangan………
a. eksposisi c. narasi e. persuasi
b. argumentasi
d. deskripsi
6. Dongeng
teh kaasup golongan carita balarea, sarta sumebarna………
a. sacara
tinulis c. ngaliwatan
internet e. dina radio
b. ku
cara lisan d. ku
nungarangna
7. Mana
dina sempalan di handap ieu nu kagolong dongeng fabel?
a. Si
kabayan ti barang gek diuk dina korsi geus lelengutan wae nundutan. Saperti
biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih…
b. Waktu
Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nyaeta Pajajaran Wetan jeung
Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jeuneunganana Nyi kentring Manik
Mayang Sunda anu nuju bobot.
c. Bahuela
Islam barang mimiti asup ka Rancakalong, dibawana ku tilu jalma sepuh ti
Cirebon, nyaeta anu kateulah Eyang Purwa, Eyang Sigalanto jeung Eyang Bagus
Pangeling.
d. Kacaritakeun
di wewengkon Sumedang, aya opat awewe anu geulis kawanti-wanti endah
kabina-bina nyaeta ngarang Eyang Gabug, Eyang Setayu, Eyang Kaidah jeung Eyang
Naidah.
e. Kacaritakeun
sakadang monyet ngajak ngala cabe ka sakadang kuya, ngalana teh ti kebon patani
waktu keur ngalacabe kapanggih ku patani. Sakadang monyet mah bisaeun kabur ari
sakadang kuya mah katewak ku patani sabab teu bisaeun lumpat
8. Mana
dina sampala di handap nu kaasup kana latar tempat?
a. Arya Kalaksakti
ti nagara Girikobaran datang ka Amartapura, maksudna rek nginjeum jimat Layang Kalimusada
b. Perang
cempuh di Amarta henteu aya eureunna. Berang peuting nu keur perang antara
prajurit Amarta jeung wadiabala ti nagara Giri kobaran geus lumangsung.
c. “ngahaja
nun, abdi sadaya ti karangtumaritis, seja ngadeheus ka Pangusten di Amarta.
Nanging nalika leubeut ka kaca-kaca nagara katinggalna nuju aya perang campuh,”
ceuk Semar.
d. Kacarioskeun
Rama anu nuju mileuweungan tea, disarengan ku istrina, Dewi Sinta sreng raina,
Lasmana. Di hijji leuweung, Dewi Sinta kapincut ku Kidang Kancana.
e. Kacaritakeun
di wewengkon Sumedang, aya opat awewe anu geulis kawanti-wanti endah
kabina-bina nyaeta ngarang Eyang Gabug, Eyang Setayu, Eyang Kaidah jeung Eyang
Naidah.
9. Ilaharna dina eusi dongeng teh bisa di pake ….. pikeun urang.”
Kecap nu merenah pikeun nyampurnakeun kalimah di luhur nyaeta………
a. pikaseurieun c.
eueunteungan e.
pengeunteungan
b. Eunteung d.
pieunteungan
Tengetan
ieu guneman di handap! (kanggo nomer 10 dugi ka nomer 12)
Tita : Dungakeun nya, pageto Tita deuk mili pasanggiri maca sajak.
Nia : Aeh apan Tita mah jagona maca sajak, teu
kudu ringrang atuh pasti meunang.
Tita : Ih ari Nita, jago soteh di sakola da ari
di luar mah atuh loba saingan.
Nia : Teu nanaon atuh Ta, itung-itung ngajajal kabisa wae.
10. Paguneman
di luhur eusina ngeunaan ………
a. Ngukir
prestasi c. pasanggiri
maca sajak e. sieun eleh tanding
b. Ngajajal
kabisa d. Tita jago
kandang
11. Tanda
baca nu mangrupa ciri tina hiji paguneman nyaeta………
a.titik
dua (:) jeung koma (,) d.titik
koma(;) jeung kekenteng (“...”)
b.titik
koma (;) jeung koma(,) e.titik
dua (:)jeung titik koma(;)
c.titik
dua (:) jeung kekenteng (“...”)
12. Kecap
pageto dina paragrap di luhur hartina….
a. Isukan c. bareto e. sanggeus kamari
b. Kamari d.
sapoe sanggeus isuk
13. “saderek sadayana,dina
danget ieu urang baris nyawalakeun perkawis basa Sunda dina Kurikulum 2013.Eta
materi bakalan dipedar ku rerencangan urang ti kelompok genap.”
Ungkara
di luhur biasana diucapkeun ku panumbu catur dina…..
a. Muka
acara sawala d.
ngatur acara tanya jawab
b. Ngabejakeun
topik sawala e.
nepikeun pamadegan dina sawala
c. Ngawanohkeun
anggota sawala
14. Jalma
nu pancena ngatur lumangsungna sawala,disebut….
a. Notulen c.
pangjejer acara e. panumbu catur
b. Pamilon d.
panata calagara
15. Salah
sahiji sarat jadi panumbu catur teh kudu….
a. Parigel
make baju anu alus sangkan dipikaresep
b. Capetang
nyarita ngagunakeun basa Sunda
c. Kudu
bisa nyatetkeun hal-hal anu penting dina sawala
d. Bisa
nyarekan pamilon anu sejen teu sapaham
e. Pinteur
ngahaleuang sangka sawala karasa hegar
16. Kudu
adil mere kasempetan ka sakabeh pamilon keur nepikeun sawala mangrupa salah
sahiji kaparigeulan nu kudu dipiboga ku…
a. Pangjejer c.
panumbu catur e.
panata calagara
b. Notulen
d. panata acara
17. “hapunteun,nyungkeun
perhatosanana sakedap.kumargi naon nu di pedart ku Pangjejer nembe tos kaluar
tina materi,langkung sae upami urang mulih deui kana jejer nu tos
ditangtoskeun.” Pok-pokan panumbu catur di lihur
nunjukeun yen panumbu catur teh kudu loba kaparigeulan pikeun….
a. Mikaweruh
materi anu di pedar ku kelompok sawala
b. Parigel
tina negeuskeun jawaban ti pangjejer
c. Parigel
tina nyieun kacindekka
d. Ngalaksanakeun
tata tertib kalawan jelas jeung tegas
e. Ngawanohkeun
sakur anggota kelompok nu midang
18. ….
Masing
di mana hurung nangtung
Masing
kamana kuring leumpang
Tanah
lembok matak betah
….
(dicutat
tina Tanah Sunda,Ajip Rosidi )
Dina
sempalan sajak di luhur, angin nyeot nyiuman tarang ngagunakeun gaya basa…….
a. Rarahulan c. kadalon e. silib
b. Mijalma d.
ngasor
19. Titenan
sampalan sajak di handap ieu !
Wanci layung hurung koneng
Manehna datang leungeuna
eweuh sapotong
Bedil nyolengkrang na
tonggongna
……
Lebah pager manehna
ngarandeg heula
Uteukna nyarita mepes
kanyeuri nu baris tumiba
“Ema, untung bisa mulang
Sedeng mitra rea nu
palastra
Di hiji taneuh nu di
sebut getih.”
……
(dicutat
tina Lalaki nu Balik Jurit, Rahmat M sas Karana)
Anu
dicarikaeun ku pangarang dina eta sajak nyaeta…….
a. Tentara
nu mulang
b. Pejuang
nu mulang nyoren bedil
c. Pejuang
nu mulang dina waktu sariak layung
d. Hiji
pejuang nu kakara mulang ti pengperangan, leungeuna euweuh sapotong, turta
batur palastra di medan tempur
e. Manehna
nu kakara mulang ti latihan
20. Sing getol nginum jajamu,
Nu guna keur nguatkeun
urat,
Sing getol neangan
elmu,
Nu guna dunya aherat,
Rarakitan
di luhur nilik kana eusina kaasup kana rarakitan:
a. Silih
asih c. birahi e. piwuruk
b. Sesebred d. heureuy
21. Meleum manggu tengah
poe,
Dicokelan
kayu api,
Malem
minggu ninggang sue,
Diapelan
aki aki,
Paparikan di luhur di tilik tina eusina
kaasup kana…
a. Piwuruk c. sesebred e. hinaan
b. Silih
asih d. tetekon
22. Teu puguh monyet
hideungna,
Asa teu puguh tutungna.
Eusi
wawangsalan di luhur nya eta…
a. Monyet c. gorilla e. monkey
b. Lutung d. kingkong
23.
Pupur aing pupur
panyambur
Contoh
di luhur ka asup purwakanti…
a. Laraspurwa c. laraswekas e. pangluyu
b. Larasmadya d. margaluyu
24. Sipat
warta nya eta aktual. Harti aktual nya eta…
a. Heubel c. kapake e. rekaan
b. Anyar d. nyata
25. Salian
ti aktua, warta oge ngabogaan sipat factual anu hartina nya eta…
a. Heubel c. kapake e. rekaan
b. Anyar d. nyata
26.
Tuduhkeun mana kalimah tarjamaahan nu
merenah tina ieu kalimah! Debat calon
gubernur jawa barat di metro tv, Jakarta,
jumat(8/2) malam,menjadi ajang saling bongkar kesalahancalon gubernur.(dicutat
tina Koran PR, 09/02/13).
a. Debat
calon gubernur jawa barat di metro TV, Jakarta, jamaah (8/2) peuting,jadi ajang
silihbongkar kasalahan calon gubernur.
b. Debat calon gubernur jawa barat di metro TV,
Jakarta, jamaah (8/2) peuting,jadi ajang silihgebruskeun antara calon gubernur.
c. Debat
calon gubernur jawa barat di metro TV, Jakarta, jamaah (8/2) peuting,jadi ajang
silihbolekerkeun kasalahan calon gubernur.
d. Debat
calon gubernur jawa barat di metro TV, Jakarta, jamaah (8/2) peuting,jadi ajang
silihtembrakeun kasalahan calon gubernur.
e. Debat
calon gubernur jawa barat di metro TV, Jakarta, jamaah (8/2) peuting,jadi ajang
silihhampura kasalahan calon gubernur.
27. 9.756.38 Aksara Sundana
a. / d.
/7.956.38/ f.
/5.638.97/
b.
9.756.32/
c.
/9.756.38/ e. /8.975.63/
28. Ali, ibu, umi, emang
Dumasar kana urutan kecap-kecap di luhur aksara sandana nya eta…
a.
Ali, ibu,
umi, eumang d. eumang, ali, ibu,
umi
b.
Ibu, umi,
eumang, ali e. ali, umi, eumang,
ibu
c.
Umi, eumang,
ali, ibu
29. Panyiku the
rarangkeun pikeu nambahan engang ia.
Conto aksara sunda nu make panyiku nya eta.
a.
Gumding c. talatah e. goki
b.
Semplak d. meundeut
30.
Lamun
disalin kana aksara laten jadi ..
a.
Maha welas
maha asih. d. Maha murah maha asih.
b.
Maha
bijaksana. e. Maha asih maha murah.
c.
Maha asih
maha welas.
31. Bagian-bagian
tina surat resmi, nya eta bagan di handap ieu.
…………………… 3……………….
……………………2
……………………
……………….
……………….4
……………….
…………………………………………………..5
…………………………………………………………………………………………..
…………………………………………………………………………………………..
…………………………………………………………………………………………..6
…………………………………………………………………………………………..
…………………………………………………………………………………………..
…………………………………………………………………………………………..
…………………………………………………7
…………………………. …………………………8
Bagan
nomer 2 nuduhkeun…
a. Nomer
surat d.
ngaran jeung alamat nu di tuju
b. Kop
surat e.
salam panutup
c. Salam
pamuka
32. Tahun
1980-an ngaran anjeuna mimiti kakoncara dina widang seni. Ieu seniman nu
dilahirkeun di Bandung the kaasup jalma nu gede panitenna kana basa sunda.
Buktina wae lagu-laguna lain dina basa Indonesia wungkul, tapi oge dina basa
sunda. Ieu seniman ku kungsi nganggit lagu pop sunda “pangandaran” the kungsi sakola SMA BPI bandung jeung SMA maarif
bandung. ….
Saha ngaran
tokoh anu dicaritakeun dina sempalan di luhur…
a. Mang
koko c.darso e. dedi
dores
b. Doel
sumbang d. kang ibing
33. TAUFIK
FATUROHMAN lahir di pagerageung
tasikmalaya tanggal 10 mei 1959.
Sampalan
biografi di luhur nyarita keun…
a. Pangalaman
atikan d.
kasang tukang kahirupan keur leutik
b. Kaparigelan
jeung karya-karyana e.
panglaman gawe
c. Tempat
tanggal lahir tokoh
34. Riwayat
hirup hiji jalma nu ditulis ku sorangan disebut…
a. Monografi c. geografi e. carita panglaman
b. biografi
d.
otobiografi
tengetan
ieu rumpaka lagu (husus kanggo nomer 35 sareng 36)
sumedang kota kamelang
sungkan miang paturay kudu paanggang
kota sumedang muntangan kadeudeuh
melang
sureum teuteup kahareup ku ciponan
ngunelang
naha enung sumoreang pan miang
mangwas mepa
duh tampomas ilah was-was
piraku rek udar jangji kakunci ku
palasari
keur sumedang urang tandang
ka ibu pertiwi, yu urang ngabakti
35. Kumaha rasa nu kagambar dina rumpaka kawih diluhur…
a.
kasmaran c. bagja e. nineung
b.
bungah d.
kuciwa
36. Naon harti kecap miang dina
eumpaka kawih diluhur…
a.
Indit c.
datang e.
papisah
b.
Balik d.
nungguan
37. Tengetan
ieu pupuh di handap!
Asmaranda
Eling-eling
mangka eling,
Rumingkangdibumi
alam,
Darma
wawayangan bae,
Raga
taya pangawasa
Lamun
kasasar lampah,
Napsu
nu matak kaduhung,
Badan
anu katempuhan.
Sebutkeun
guru lagu jeung gueru wilangan padalisan kahiji dina rumpaka pupuh di luhur
a. 8-e/o b. 8-I c.
8-a d. 7-u e. 8-u
38. Rama katut pasukanana ngababakandi wewengkon anu paeunteung-eunteung
jeung Nagara Alengka, kahalangan ku laut. Ti dinya Anoman di utus pikeun mubus
ka Alengka. Sakalian ngalokok kaayaan Dewi Sinta.
Kecap
ngababakan dina sempalan carita wayang di luhur saharti jeung……
a.
Kapelet atawa
ka tarik d. nyieun
lembur anyar
b.
Maot sapada
harita e.
kadal ucapan
c.
Diangkat,
dibere kapangkatan
39. Gebog
cau nu sok di pke cicingna wayang di sebut……
a. Tuding
c. bagedor e. purwa
b. Campala d. garap
40. Lengkah
pamungkas dina wawancara nyaeta……
a. Nangtukeun
jejer d.
ngalakukeun wawancara
b. Nangtukeun
narasumber e.
nyusun lapora wawancara
c. Nyusun
daftar patalekan
41. Tengetan
ieu sempalan drama di handap!
JANG KEMED : Icih! Aing rek ngabeca. Bisi aya nu
nanyakeun, bejakeun aing keur dines. Kade ati-ati di imah….!
NYI ICIH : Heueuh jung….Kade balikna
tong beurang teuing. Aing butuh duit !
JANG KEMED : Heueuh. Geus meunang duit mah aing
ge balik. Kumaha milik we.
Sempalan drama di luhur
di tilik tina unsurna kaasup kana…..
a. Prolog c. dialog e. alur
b. Epilog
d. monolog
42. Tengetan ieu sempalan drama di handap!
Nyi Icih : Emh, Kieu rasana ari jadi jelema
leutik. Diudag-udag kasusah. Cik atuh para pamimpin the sing nyaan melaan
rakyat leutik the. Ulah paribasana we melaan rakyat leutik, ari nu sarenang nu
di luur hungkul…
Sempalan drama di luhur
di tilik dina eusina kaasup kana……
a. Dialog
c. epilog e.
prolog
b. Monolog
d. alur
43. Dumasar kana temana anu kaasup novel silih asih diantarana…..
a.
Pipisahan c. cinta pabaliut e. halimun mungkur
b.
Puputan d. serubur singkur
44. Salah
sahiji anu teu kaasup cirri-ciri carpon, nyaeta….
a. Caritana
mangrupa karangan fiksi d.
palku nu ngalalakonna loba
b. Eusi
caritana umumna realistis e.
wangun fiksina pondok
c. Sifat
caritana naratif
45. “Lamun
kolot-kolot urang Sunda heunteu ngajarkeun atawa ngawariskeun basana ka
anak-anakna. Hal ieu kaasup pangpatalna, loba urang sunda, indung bapana urang
Sunda, maranehna sorangan lamun nyarita henteu ku basa atawa nyarita jeung
indung bapana ku basa Sunda ari nyarita jeung anakna henteu ku basana. Ieu karandapan
ku urang Sunda.
Ditilik dina
eusina, wacana diluhur ngabahas ngeunaan……
a. Kaprihatinan
urang Sunda, sabab kiwari geus loba kolot-kolot urang Sunda anu geus teu malire
kana basa indungna pikeun di ajarkeun ka anakna
b. Kolot-kolot
urang Sunda kiwari geus tara make basa Sunda
c. Urang
Sundahusuna kolot-kolot, geus teu pati nuntut ka anak-anakna, pikeun meke basa
indungna nyaeta basa Sunda.
d. Basa
sunda geus di pake ku urang Sunda
e. Basa
Sunda keur di badamikeun ku urang Sunda, sangkan jadi basa Nasional.
46. Kacindekannana,
Upaca seren taun tehh dianti-anti ku sakumna ku masyarakat di Kuningan. Eta
acara jadi bahan apresiasi masyarakat kana budayan. Masarakat anu lalajo sren
tau rata-rata pada resep ngabandungan rupa-rupa kasenian, pangpangna pisan mah
ngabandungan pormasi barisan nu marawa hasil panen, nu di tata tur di hias
kalawan apik ku rupa-rupa hiasan tradisional.
Karangan laporan
di luhur kaasup kana bagean……
a. Bubuka
c. tujuan e. kasang tukang
b. Eusi d. panutup
47. Anu
jadi tujuan resensi, nyaeta….
a. Mere
kritikan ka pangarang d.
mere kacindekan kanu maca
b. Mere
catetan ka pangarang e.
mere ringkesan ka numaca
c. Mere
iber(informasi)ka numaca
48. Hong
citra kasunyian
Hong citra
kasundulan
Jeeg bumi
Jeeg manusa
Jeeg setan
Manusa wisesa
Setan sampurna
Sampurna kersaning
allah sahadat
Carita di luhur
kaasup pantun bagean….
a. Pellet c. Asihan e. ajian
b. rajah d.
jampe
49. ieu
dihandap mangrupa cirri-ciriesey, tuduhkeun mana nu kaasup kana cirri-ciri
esey!
a. Mangrupa
karya sastra wangun prosa
b. Mangrupa
tulisan dina Koran atawa majalah
c. Ngandung
opini/pamadegan pangarang
d. Didadasaran
ku fakta/kanyataan
e. Diwuwuhan
ku teori/pamadegan paraahi
50. Tangetan
ieu sampelan artikel di handap!
Nu disebut medan the, diantarana
kana nayuban. Ngan ukur beda sipatna atawa beda rarangken jeung ketuk tilu teh.
Anu diigelanna, ronggeng dina nayuban mah. Tabeuhanana, gamelan.Tempatna, mun
lain di pendopo, di paseban atawa dibalandongan. Sok diamparan lampit, di
balandongan mah. Lantaran ilaharna balandongan ngupuk.
Lamun ti peuting caangna lain ku
ancog, tapi ku lampu gasoline di sebut teh. Nungarigelna lain tingkurumuy ti nu poek meunang dikukudung sarung. Ieu mah meunang
maridang paginding-ginding. Dibaju bodas tutup meunang ngistrik. Dibendo
palus-alus. Bari geus mimiti prah make sawitan. Sasawit samping jeung iket the.
(di cutat tina buku Katumbiri Kaca 27)
Lamun nilik eusi
bacaan di luhur, kaayaan mangsa tayuban eta bisa dikira-kira gelar antara taun
70-80an. Eta hal bisa ditilik tina eusi bacaan anu unggelna…
a. Ieu
mah meunang maridang paginding-ginding
b. Lamun
ti peuting caangna lain ku ancong, tapi ku lampu gasoline disebutna teh
c. Anu
diigelanna, ronggeng dina nayuban mah
d. Ngan
ukur beda sifatna atawa beda rarangken jeung ketuk tilu the
e. Dibendo
palus-alus. Bari geus mimiti prah make sawitan
No comments:
Post a Comment